Kebudayaan-2 (Dr. Gugun Gunadi., Hum)

TAPA DINA KONSÉP SUNDA, HARTINA DIGAWÉ ENYA-ENYA

Ngajugjug ka puncak gunung, ka tengah leuweung gerotan, atawa ka jero guha suni anu jauh ti paraméan, malah cenah aya anu ka dasar laut sagala, pikeun ngadon menekung mujasmédi enggoning ngahontal hiji tujuan. Kurang leuwih kitu persépsi urang lamun ngadéngé kecap tapa téh.Teu sagawayah bisa dilakonan ku saban jalma, da anu sok tapa mah ilaharna para satria anu hayang boga kasaktén, sangkan unggul di pangparengan. Lian ti éta, para raja deuih, anu geus marén tina kalungguhan; disebutna ngabagawan pikeun nyirnakeun diri.

Ieu kecap tapa anu jolna tina basa Sansakerta téh disurahan “nahan sarupa atawa rupa-rupa napsu, minangka jalan pikeun ngahontal maksud” (cék katerangan dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Satjadibrata, 1946). Geus bisa katebak, jolna pasti tina terminologi Hindu.

Tapa téh memang idéntik jeung ngasingkeun diri di tempat mencil, teu dahar teu nginum, bari kudu tahan nyanghareupan gogoda. Lamun teu tahan, hartina batal tapana. Prak-prakanana mah rupa-rupa; aya anu sila menekung, aya anu nangtung bari ngangkat suku hiji, aya deuih anu haben ider-ideran (disebutna ngidang; cara kidang), jeung sajabana. Kitu deui lebah lilana ogé teu sarua; aya anu cukup ku ukuran poé, minggu, bulan, malah cenah taun.

Dina dongéng-dongéng Sunda, jalma anu ngalakonan tapa ilaharna kapanggih dina carita wayang, atawa carita pantun. Arjuna ngadon tapa ka Gunung Indrakila, upamana, atawa Ajar Sukaresi nyingkurkeun diri sanggeus marén tina kalungguhan raja di Nagara Pasirbatang, sakumaha anu aya dina carita pantun Lutung Kasarung. Loba kénéh conto séjénna anu nuduhkeun yén lamun hayang ngahontal tingkat “kasampurnaan” hirup téh kudu dilakonan ngaliwatan heula tapa; malah istilahna sok ditambahan jadi tapabrata.

Dongéng-dongéng anu hirup dina alam kiwari, mun nyaritakeun tapa téh angger surahanana kawas kitu. Geus karuhan titinggal jaman Hindu, dalah dina dongéng anu gelarna sanggeus asup ka jaman Islam gé, persépsi tapa téh tacan robah. Dina dongéng para wali gé apanan sok dieuyeuban ku ritual tapa, saméméh tokohna anjog kana tingkat “kasampurnaan” hirup salaku manusa téh. Kuring moal ngabahas kumaha ari kalungguhan tapa mungguh ajaran Islam, da éta mah kudu sa deui pedaranana ogé.

Asupna ajaran Hindu ka Tanah Sunda, dina kabuktianana mah bet bisa awor atawa diaworkeun jeung ageman katut kapercayaan anu geus nyampak leuwih ti heula. Éta pangna lamun urang nengetan naskah-naskah heubeul titinggal ratusan taun ka tukang, boh ajaran Hindu boh Buda anu hirup di dieu henteu sarua persis jeung anu aya di tempat asalna. Tong waka dibandingkeun jeung anu aya di Tanah Hindustan (India), dalah jeung Hindu anu hirup di Tanah Jawa gé, komo jeung di Bali, tétéla loba bédana.

Tapa anu mangrupa bagian tina ajaran Hindu, malah meureun dianggap sapakét, sanggeus asup ka Sunda mah jadi ngagésér harti jeung maksudna. Hal ieu ébréh dina Amanat Galunggung, naskah Sunda kuno titinggal Rakéyan Darmasiksa (mangku kaprabon taun 1175-1297 Maséhi). Ku urang bisa dititénan cutatanana, kieu:

Carék na patikrama, na urang lanang madwa, iya tuwah iya tapa, iya tuwah na urang, gwaréng twah gwaréng tapa, maja twah maja tapa, rampés twah waya tapa, apana urang ku twah na mana beu(ng)har ku twah na mana waya tapa.

Tarjamahan bébasna: “Dina ajaran patikrama, pikeun urang, boh lalaki boh awéwé, migawé amal téh nya tapa téa. Tah, kitu pagawéan urang mah. Goréng amalna, hartina goréng tapana; meujeuhna amalna, hartina meujeuhna tapana; sampurna amalna, hartina sampurna tapana. Rék saha waé urang, nya ku sabab amal urang bisa beunghar. Nya ku sabab amal deuih, hasilna tapa urang téh.”

Eusi naskah Amanat Galunggung téh nyoko kana padoman hirup anu ditepikeun ku  Darmasiksa ka putra mahkota, Sang Lumahing Taman. Cindekna, mangrupa naséhat, boh anu kudu dipigawé (hal-hal positif), boh anu kudu dipahing (hal-hal négatif). Nya ku sabab anu méré naséhatna téh raja, tangtu waé eusina téh réa anu nyoko kana sual kapamingpinan.

Sual tapa ogé jadi bagian tina amanat Raja Darmasiksa, sakumaha anu bieu dibaca cutatanana. Ditandeskeun yén pikeun kasalametan di dunya jeung di ahérat, manusa kudu ngalakonan tapa. Tapi, tapa cék dina Amanat Galunggung mah maksudna amal; nyaéta digawé dumasar kana status, tugas, jeung profési masing-masing. Lain tapa ngasingkeun diri, ngajauhan raména dunya; sakumaha anu aya dina persépsi urang, anu sumberna tina ajaran Hindu téa.

Tapa cék Sunda, tétéla béda jeung tapa cék dina ajaran Hindu. Tapa dina rumusan ajen-inajén Sunda nyaéta digawé kalawan enya-enya. Cindekna, dina falsafah Sunda mah digawé téh aya dina posisi terhormat pisan; jauh leuwih penting batan menekung mujasmedi, nyingkahan paraméan, bari mutuskeun hubungan jeung dunya luar. Anu dimaksud tapa dina falsafah Sunda mah nyaéta ancrub kana kahirupan nyata, bari singkil pikeun ngalaksanakeun tugas, saluyu jeung kamampuh katut profési masing-masing. Digawé. Digawé. Jeung digawé.

Hasil henteuna tapa anu dipilampah ku urang, éta téh gumantung kana tarékah urang dina nyanghareupan jeung ngaréngsékeun pagawéan. Tapana bakal kasebut alus, lamun tarékah gawéna enya-enya tur suhud. Sabalikna, tapana kasebut gagal, lamun léléda jeung asal-asalan.

Kalawan wijaksana, Darmasiksa nyebutkeun yén dina milampah tapa téh urang ulah dibarengan ku rasa sieun dipoyok jeung dijejeléh batur. Cindekna kudu panceg kana kayakinan sorangan. Kitu deui sarua teu meunangna lamun urang tapa bari miharep meunang pamuji.

Sajeroning digawé bari teu sieun dipoyok batur, éta téh nuduhkeun yén urang aya dina posisi hirup merdéka. Hal ieu ngandung harti, digawé kumaha cék kereteg batin sorangan, satungtung pimaslahateun. Kitu deui digawé téh lain karana hayang dipuji, komo bari pupujieun mah.

Tapa anu dianggap sampurna téh nyaéta anu dipigawéna kalawan iklas ku jalma anu tapis, parigel, rajin, tekun, tawekal, sumanget, jeung taliti. Sabalikna, tapa anu dianggap goréng nyaéta anu dipigawéna kalawan kapaksa ku jelema anu ngedul, belegug, ngarasa bener sorangan, loba ngalamun, éraan, babari kasigeung, léléda, teu sumanget, resep gégéléhéan, balangah, teu tartib, pohoan, teu boga kawani, gampang kuciwa, bibisaanan, ngarasa mampuh padahal polona kosong, mindeng ngangluh, resep ngabantah, gedé bohong, kukulutus, bosenan, tara ngéléhan, ambisieus, babari kapangaruhan batur, henteu panceg nyekel amanat, jeung boga aéb.

Nilik kana eusi Amanat Galunggung bieu, saenyana karuhun Sunda geus engeuh dina nyanghareupan dinamika jaman anu bakal karandapan ku turunanana. Ngan sualna, boa éta amanat téh teu nepi ka urang anu hirup dina jaman ayeuna. Atawa bisa waé ari nepina mah nepi, ngan ku urang teu dilaksanakeun. Anu matak, kaayaan Sunda kiwari batan sakieu. Heueuh, da bongan urang-urang kénéh.*** Tatang Sumarsono

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s